Lirik Lagu Sunda Salempay Sutera

SALEMPAY SUTERA

Cipt. Mang Koko

Salempay sutra
Disulam jeung dikarawang
Tawis soca ti jungjunan
Duh ti jungjunan

Salempay sutra
Disulam mangrupi kembang
Tawis asih ti kakasih
Duh ti kakasih

Ngaraketkeun hubungan batin duaan
Mupus waswas jeung cangcaya
Dijuruna disulam ngaran singgetan
Ngaran kuring jeung manehna

Salempay sutra
Disulam jeung dikarawang
Tawis soca ti jungjunan
Duh ti jungjunan

Hiji tawis soca deuh salempay sutra
Geuning nyidem harepan
Salempay sutra
Disulam mangrupa kembang
Tawis asih ti kakasih
Duh ti kakasih

Lirik Lagu Sunda Salempay Sutera Lirik Lagu Sunda Salempay Sutera Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free