Lirik Lagu Sunda Imut Malati

IMUT MALATI

Cipt. Mang Koko

Imut Malati
Wengi tadi geuningan patepang deui
Nu kapiati
Ti kapungkur jungjunan dianti-anti

Ti gunung putri
Sareng saha salira lungsur ka landeuh?
Lagu kamari ngagalindeng lalakon
Gending kadeudeuh

Najan sakedap jorelat tunjung balebat
Estu mo hilap karaos matak tibelat
Ku henteu terang mulihna
Ku henteu terang mulihna eh . . . naha iraha

Najan mung imut saulas sakilat ilang
Tansah kairut hanjakal teu sering tepang
Ku henteu terang leosna
Ku henteu terang leosna eh . . . geuning kamana

Lirik Lagu Sunda Imut Malati Lirik Lagu Sunda Imut Malati Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free