Lirik Lagu Sunda Sagagang Kembang Ros

SAGAGANG KEMBANG ROS

Cipt. Mang Koko

Sagagang kembang ros
Tawis pangbakti ka diri
Sulur weleh ti jungjunan
Ieuh asih nu wening

Runtuyan harewos
Jangji pasini katampi
Moal weleh mikaheman
Ieuh asih nu wening

Sarining kembang
Jatining asih
Jadi angkeuhan duh
Urang duaan

Rasa pangharepan
Panteng kayakinan
Na dasaring ati
Urang duaan

Sagagang kembang ros
Tawis pangbakti ka diri
Sulur wuluh ti jungjunan
Ieuh asih nu wening

Lirik Lagu Sunda Sagagang Kembang Ros Lirik Lagu Sunda Sagagang Kembang Ros Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free