Lirik Lagu Sunda Kembang Tanjung Panineungan

KEMBANG TANJUNG PANINEUNGAN

Cipt. Mang Koko

Anaking jimat awaking
Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun
Di pakarangan nu reumis keneh
Harita keur kakandungan ku hidep

Geus opat taun ka tukang
Ema nyipta mulung bentang
Nu marurag peuting tadi
Bentang seungit ditiiran pangangguran

Anaking jimat awaking
Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun
Bet henteu sangka aya nu datang
Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep

Nu opat poe teu mulang
Ngepung gunung mager bitis
Cenah tiwas peuting tadi
Layonna keur kadieukeun, dipulangkeun

Harita waktu layonna geus datang
Ema ceurik ieung balilihan
Ras ka hidep ieung na kandungan
Utun inji budak yatim deudeuh teuing

Harita waktu layon geus digotong
Ema inget ieung kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran
Kembang asih panganggeusan ieung ti duaan

Anaking jimat awaking
Lamun Ema mulung tanjung reujeung hidep
Kasuat-suat nya pipikiran
Tapina kedalna teh ku hariring

Hariring eling ku eling
Kana tanjung nu dipulung eh ...
Kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan
Nu nyeungitan hate urang, panineungan

Lirik Lagu Sunda Kembang Tanjung Panineungan Lirik Lagu Sunda Kembang Tanjung Panineungan Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free