Lirik Lagu Sunda Malati Di Gunung Guntur

MALATI DI GUNUNG GUNTUR

Cipt. Mang Koko

Malati di Gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sesetraning rasa
Jadina dina mumunggang leuweung larangan.

Malati di Gunung Guntur
Hanjakal henteu dipetik
Béja geus aya nu boga
Ngahaja melak di dinya para guriang.

Ayeuna kuring geus jauh
Malati sosoca gunung
Boa geus aya nu metik duka kusaha.

Kamari jol aya beja
Malati ratna mumunggang
Majar can aya nu metik duka kunaon.

Malati di Gunung Guntur
Ligar dina panineungan, na panineungan
Na saha nu baris metik
Kuring mah da puguh jauh
Biheung kadongkang

Lirik Lagu Sunda Malati Di Gunung Guntur Lirik Lagu Sunda Malati Di Gunung Guntur Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

1 comment:

  1. Liriknya sareng kacapi suling..duh waraas emut ka almarhum pun Bapak..lagu kameumeutna 🥺🥺

    ReplyDelete

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free