Lirik Lagu Sunda Mugi Hawatos - Kustian

MUGI HAWATOS - KUSTIAN

Cipt. Yaya Suharya

Aduh bapa... duh aduh bapa...
Mugi wae bapa hawatos ka ibu
Paeh poso ibu nganapkahan abdi
Pami bapa teu midua. Ibu moal meureun tunggara

Subuh-subuh gurung gusuh tos buburuh
Wanci magrib lungse cape bari sedih nembe mulih
Unggal dinten teu weleh kitu jeung kitu
Tempo-tempo sok nyegruk paungku-ungku

Nun Gusti Maha Rafi'u kiatkeun manahna ibu
Nu nuju kenging cocobi kalintang pisan tos lami
Nun Gusti Maha Uninga
Enggalkeun abdi sawawa

Hoyong geura boga karya
Hoyong geura mulang tarima
Lirik Lagu Sunda Mugi Hawatos - Kustian Lirik Lagu Sunda Mugi Hawatos - Kustian Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free