Lirik Lagu Sunda Hiburan - Kustian

HIBURAN - KUSTIAN

Cipt. Cucun Z

Pas pareng libur sakola
Rek ngahaja ngadon Hiburan
Maturan nguseup mang Yaya
Di Balong mang Ucup tea

Nu ngaruseup jongjon manco
Cenah kasusah ge poho
Apan loba kabebenjo
Sok komo disanggut bogo

Tuh wa bandol he heotan
Bungah loba sanggutanna
Ari mang Ogud kalah sumutut
Eupanna teu disanggut-sanggut

Anu ngaruseup silih gonjakan
Bari jeung asik nataran
Itu mang Odon sibuk ngeupanan
Meureun loba sanggutanna

Eta mang Agus kalakah manyun
Mecatkeun ngan molonyon bae
Ari mang Kucay ngadon nundutan
Tungtung na tikusruk ka Balong

Duh karunya teuing
Sirahna pinuh ku leutak
Lirik Lagu Sunda Hiburan - Kustian Lirik Lagu Sunda Hiburan - Kustian Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free