Lirik Lagu Sunda Potret Kalbu - Kustian

POTRET KALBU - KUSTIAN

Cipt. Irawan Tea

Duh bapa salira sagara cinta
Nya ukur di bapa ayana tangkal darajat
Reut catet rek diregeupkeun
Pituah nu jadi bapa

Sanajan nepi ka jaga pa...
Teu kendat-kendat ngadu'a
Duh ibu salira puntangan kalbu
Nya salira ibu gambaran gapura rasa

Lir seungit kembang malati
Nu mekar di taman sari
Sanajan nepi ka jaga bu...
Kanyaah taya raatna

Duh bapa salira anu ngayuga
Duh ibu salira dipunjung-punjung
Siang wengi diri nampi
Dididik sareng diatik

Duh ibu duh bapa
Salira potretna kalbu

Lirik Lagu Sunda Potret Kalbu - Kustian Lirik Lagu Sunda Potret Kalbu - Kustian Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free