Lirik Lagu Sunda Mending Ngelehan - Kustian

MENDING NGELEHAN - KUSTIAN

Cipt. Yaya Suharya

Kahayang mah kuring ge kawas nu lian
Jadi budak nu wanian jeung henteu eraan

Kahayang mah kuring ge kawas nu lain
Dipikagimir ku barudak batur ulin

Eta kabeh saukur euceuk kahayang
Pamohalan bisa jadi kanyataan
Sabab kuring norojol tinu teu boga
Lieuk eweuh ragap taya
Hirup seubeuh ku panghina

Tambah tambah ema jeung bapa
Henteu weleh mapatahan
Pajar teh mending ngelehan
Batan jadi kagorengan

Tapi ulah salah paham
Ngelehan lain elehan
Ngelehan henteu ngalawan
Buahna kasalametan

Kadar batur ngagalakan
Kadar batur ngaharakan
Henteu kudu jadi soal
Urang tetep masing sabar

Dipelitan dilicikan
Teu kudu jadi pikiran
Urang tetep kuat iman
Gusti Alloh Maha Ningal
Lirik Lagu Sunda Mending Ngelehan - Kustian Lirik Lagu Sunda Mending Ngelehan - Kustian Reviewed by Raufabdr on March 25, 2018 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free