Lirik Lagu Sunda Hariring Kuring

HARIRING KURING

Teungah peuting
Keur jemplang jempling
Kuring nyaring
Teu geunah cicing
Hate melang sumoreang
Buah ati lawas teu patepang

Cuang ciung
Kuring sorangan
Nunggelis di pangumbara
Lieuk deungeun lieuk lain
Taya pisan geusan pamuntangan

Rek sasambat kasahanya-nyambat
Suwung dulur walurat sobat
Sangsang badan nya nitipkeun diri
Iwal ka gusti yang widi

Hiliwirkeun duh angin peuting
Pang nepikeun hariring kuring
Ka jungjunan nu ngantosan
Kawih ati nu keur rungsing pusing
Kawih ati nu keur rungsing pusing

Lirik Lagu Sunda Hariring Kuring Lirik Lagu Sunda Hariring Kuring Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free