Lirik Lagu Budak Tunggara - Kustian

BUDAK TUNGGARA - KUSTIAN
 
Cipt. Cucun Z
 
Kacipta bungah mun siga budak nu lian
Mereunan senang moal ngalaman balangsak
Kawas abdi ngan ngagugulung kasusah

Kacida bagja mun abdi kawas nu lian
Mereunang senang moal ngalaman balangsak
Siga nu lian bisa heureuy gogonjakan

Ari abdi ngan saukur 
Duh rumbay cimata

Kalunta-lunta
Hirup teu puguh matuhna
Kadang meunang dahar
Bari kudu menta-menta

Hirup kasiksa
Teu puguh padumukan
Jadi galandangan
Sare ge di emper patokoan

Abdi tunggara hirup nalangsa
Mun seug aya indung bapa
Mereun abdi moal sangsara
Lirik Lagu Budak Tunggara - Kustian Lirik Lagu Budak Tunggara - Kustian Reviewed by Raufabdr on March 27, 2018 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free