Lirik Lagu Sunda Talaga Remis

TALAGA REMIS

Talaga reumis talaga nu jadi saksi
Waktos urang paheut jangji
Pasini pakait ati pasimpay rasa satia
Duh bagja saksina Talaga Reumis

Talaga reumis talaga endah romantis
Tempat urang ngumbar asih
Ngamprokkeun rasa kasono
Nyacapkeun rasa katresna
Duh endah di sisi Talaga Reumis

Di sisi Talaga Reumis
Cinta mekar karembangan
Di sisi talaga reumis
Carita pinuh mamanis

Di sisi talaga reumis
Asih nyanding kabagjaan
Di sisi talaga reumis
Nyipta rasa nu romantis

Urang anteng, paduduaan
Mancing rasa, asih kaheman
Puseurna, useup kageugeut
Gupayna, geleng kadeudeuh

Nganggo jeujeur, pangharepan
Ngantos geterna kukumbul kalbu
Surser rasa kasambut cinta
Pinanggih bagja di talaga

Urang anteng, paduduaan
Ngahaleuang, tembang kasmaran
Ngahariring, ririh kaheman
Ngagalindeng, lagam katineung

Lirih asih, pamatri ati
Tembang tresna panyimpay rasa
Lagu syahdu mepende kalbu
Ngahudang cinta di talaga

Lirik Lagu Sunda Talaga Remis Lirik Lagu Sunda Talaga Remis Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free