Lirik Lagu Sunda Kudu Kasaha

KUDU KASAHA

Cipt. Mang Koko

Kudu kasaha urang ngumaha
Na ka indung duh na ka bapa
Kudu kasaha urang balaka
Pikeun nepikeun geuning duka carita

Kudu kasaha urang nyalindung
Ka papayung nyalindung na ka pangagung
Kudu kasaha urang nyaluuh
Neda dijait geuning tina bangbaluh

Duh ieung tunggara teu euih-euih
Lah teu weleh nandangan peurih
Diteangan saha nu haat nulungan
Dipaluruh dimana geusan balabuh

Kudu kasaha urang ngageri
Iwal diri duh tahan uji
Kudu kasaha urang nya muntang
Jalan utama geuning iman ka gusti

Lirik Lagu Sunda Kudu Kasaha Lirik Lagu Sunda Kudu Kasaha Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free