Lirik Lagu Sunda Bangbung Ranggaek

BANGBUNG RANGGAEK

Cipt. Kosaman Jaya

Pajar maneh deuh, arek - arek kahuma
Ngelek simbut, neang - neang pepelakan
Pajar  maneh deuh, sungkan - sungkan patepang
Daya imut, hate mindeng seseblakan

Bangbung ranggaek
Tadi embung ayeuna daek
Bangbung ranggaek
Tadi embung ayeuna daek

Pajar maneh deuh, arek - arek kahuma
Ka cai mah, Ka cai ngajinjing kendi

Lirik Bangbung ranggaek versi kedua

Pajar maneh bet naek kareta Cikajang
Di muatan mah di sisi jambatan
Pajar maneh deuh henteu ngewa ngewa acan
Tos narosna mah geuning hate seseblakan

Bangbung ranggaek
Tadi embung ayeuna daek
Bangbung ranggaek
Tadi embung ayeuna daek

Pajar maneh deuh henteu ngewa ngewa acan
Diemutan mah geuning hate seseblakan

Saurna mah deuh kintunan ti Baros
Ti Baros na mah tos dikaranjangan
Pa amprok mah deuh henteu hawatos teu naros,
Tos naros na mah geuning sering dianjangan,

Bangbung ranggaek
Tadi embung ayeuna daek
Bangbung ranggaek
Tadi embung ayeuna daek

Pajar maneh deuh henteu alim patepang,
Nu kasepna mah,
Geuning sering ngalanglangan

Lirik Lagu Sunda Bangbung Ranggaek Lirik Lagu Sunda Bangbung Ranggaek Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free