Lirik Lagu Ulah Ceurik - Darso

ULAH CEURIK - DARSO

Cag didieu
Cag seumeut dieu
Lalakon cinta nu urang

Teup anteupkeun
Tong di guar deui
Carita cinta nu peugat

Najan ka gandrung sa gunung
Najan duriat sajagat
Kadeudeuh nu nyangreud
Ahirna urang papisah, pisah

Rek ka saha rek ka urang mana
Geura milari geuntosna
Cig ka kidul Cig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun lain akang
Urang geus lain lainna, lain

Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten rangda
Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna urang papeugat
Najan hate masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, akang hampura
Lirik Lagu Ulah Ceurik - Darso Lirik Lagu Ulah Ceurik - Darso Reviewed by Raufabdr on April 21, 2018 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free