Lirik Lagu Sancang Cijulang - Darso

SANCANG CIJULANG - DARSO

Pungkal pengkol jalan na
Iuh jeung linduh tangkalna
Ngaroyom dahan daunna
Mapaesan alam endah

Harita datang kadinya
Teu sangka geuning teu sangka
Bakal tepang jeung nyi lenjang
Sagagang kembang impian

Mipir gawir nu lungkawing
Mapay jungkrang nu longkewang
Kungsi arek nitip diri
Rek neundeun rasa kadeudeuh

Ka kembang nu hegar ligar
Sanajan bari jeung anggang
Arek nemragkeun kahayang
Balaka ngedalkeun cinta

Antara sancang cijulang
Aya angin ngahariring mawa jangji
Antara sancang cijulang
Aya teuteup anu minuhan kadeudeuh

Antara sancang cijulang
Aya cinta nu munggaran
Antara sancang cijulang
Aya cinta langgeng salawasna
Lirik Lagu Sancang Cijulang - Darso Lirik Lagu Sancang Cijulang - Darso Reviewed by Raufabdr on April 21, 2018 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free