Lirik Lagu Mawar Bodas - Darso

MAWAR BODAS - DARSO

Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang

Hujan angin dor dar gelap
Taya tempat keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal neupi
Ka tempat anu dituju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala

Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream
Leumpang ge asa ngalayang

Teu kasawang tianggalna
Teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing

Neangan pipanyakiteun
Neangan pipanyakiteun
Lirik Lagu Mawar Bodas - Darso Lirik Lagu Mawar Bodas - Darso Reviewed by Raufabdr on April 09, 2018 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free