Lirik Lagu Sunda Basa Sunda

BASA SUNDA

Cipt: Ubun R Kubarsih

Basa sunda, basa sunda
Basa indung urang sunda

Sapopoe kade lali
Sasauran basa sunda
Ka indung jeung ka bapa
Ka lanceuk jeung ka adi
Sing tarapti bari hade budi

Basa sunda, basa sunda
Basa indung urang sunda

Disakola kitu deui
Sasauran basa sunda
Ka ibu bapa guru
Ka sobat babaturan
Sing giatna hormat diajarna

Diajar basa sunda diajar basa sunda
Titenan dina kamusna
Ka koran jeung majalah
Sing ngarti ulah salah
Resep temen maca buku sunda

Diajar basa sunda diajar basa sunda
Ditekan dina laguna
Apalkeun haleuangna
Sing bentes kalimahna
Resep temen ngawih lagu sunda

Lirik Lagu Sunda Basa Sunda Lirik Lagu Sunda Basa Sunda Reviewed by Raufabdr on November 11, 2017 Rating: 5

7 comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free