Lirik Lagu Sunda Jalan Layang

JALAN LAYANG

Cipt: Ubun R Kubarsih
Lirik: Dian Hendrayana

Jalan layang jalan layang
Jalan diluhur ngembat panjang
Tinggeuleuyeung pasuliwer kendaraan
Malar gancang muru pangjujugan

Jalan layang jalan layang
Jalan diluhur ngembat panjang
Motor mobil ngalaju antay - antayan
Tartib lancar nepi ka tujuan

Jalan layang liliwatan
Meulah kota diatur unggal jalur
Jalan layang peupeuntasan
Pareng nyemprung asa lelenyapan

Lirik Lagu Sunda Jalan Layang Lirik Lagu Sunda Jalan Layang Reviewed by Raufabdr on November 11, 2017 Rating: 5

9 comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free