Lirik Lagu Tepis Wiring - Kustian

TEPIS WIRING - KUSTIAN

Tepis wiring
Tempat kalahiran kuring
Tepis wiring
Tempat digedekeun kuring

Tepis wiring
Tempat pangideran kuring
Nya tepis wiring
Tempat pangreureuhan kuring

Tepis wiring
Tempat pangajian kuring
Tepis wiring
Tempat pangantian kuring

Tepis wiring
Tempat pangulinan kuring
Nya tepis wiring
Tempat pangbalikan kuring

Isuk isuk manuk ricit
Disarada luhur dahan
Berele embe katut domba
Nembalan recokna hayam

Golontor cai pancuran
Nu datang ti sirah sawah
Bet kawas anu ngaheas
Nyarek kuring ulah incah

Tapina wayahna bae
Ulah arek jadi simpe
Aranjeun sing sabiasa
Sabab dibawa ku hate

Mihape kanyaah rasa
Ucing cantel bulu lima
Kuring rek pindah ka kota
Nuluykeun heula sakola
Lirik Lagu Tepis Wiring - Kustian Lirik Lagu Tepis Wiring - Kustian Reviewed by Raufabdr on March 27, 2018 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free