Lirik Lagu Sunda Tanah Sunda

TANAH SUNDA

Cipt. Mang Koko

Tanah Sunda gemah ripah
Nu ngumbara suka betah
Urang sunda sawawa
Sing tiweksa perceka
Nyangga dharma anu nyata

Seuweu Pajajaran
Muga tong kasmaran
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya memang sawajibna
Geten titen rumawat tanah pusaka

Titen kana harta banda
Mo kaduhung waktu jaga
Anu lian moal bisa
Ngatur ngolah jeung ngariksa

Gembleng sauyunan
Singkil babarengan
Ngangkat darajat Ki Sunda
Sundakukuh kuat diraksa dirumat
Pasti jembar wibawa Indonesia

Lirik Lagu Sunda Tanah Sunda Lirik Lagu Sunda Tanah Sunda Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

2 comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free