Lirik Lagu Sunda Kembang Asih

KEMBANG ASIH

Cipt. Mang Koko

Kembang asih na mumunggang
Katebak angin tingarulang
Oyag-oyagan lir nu ngagupayan
Siga jajaka anu rék amitan

Deudeuh teuing, deudeuh teuing
Nu amitan henteu ditemonan
Sok sieun terus pundungna
Boa moal mulih deui

Kembang asih nu geus lawas
Katebak angin patamburan
Bet jiga runtah nu taya hargana
Awur-awuran jauh ti tempatna

Deudeuh teuing, deudeuh teuing
Silih asih teu aya buahna
Sok inggis peunggas dahanna
Boa rungkad jeung akarna

Lirik Lagu Sunda Kembang Asih Lirik Lagu Sunda Kembang Asih Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free