Lirik Lagu Sunda Kembang Impian

KEMBANG IMPIAN

Cipt. Mang Koko

Antara lolongkrang kiceup
Urang pateuteup
Bulan pias
Enteupna lalangsé kayas

Kaca jandéla nu muka
Kaca katresna nu muka
Peuting téh teuing ku jempling
Asih téh teuing ku wening

Pangharepan lir laut nu jero
Teu katepi ku sora panggero
Urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
Urang tataran ku karep jeung pangharepan

Tong teuing ngedalkeun lisan
Urang guneman
Na ciptaan
Bagja deukeut patémbongan

Geter ti ati ka ati
Hiber jadina pasini
Saranggeuy kembang impian
Sungkemeun kana lahunan

Lirik Lagu Sunda Kembang Impian Lirik Lagu Sunda Kembang Impian Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free