Lirik Lagu Sunda Enjing Tepang Deui

ENJING TEPANG DEUI

Cipt. Mang Koko

Disimbutan ku halimun
Diaping ku indung peuting
Lalaunan ngalayangna
Sukma ninggalkeun jasmani
Emh . . .  aduh sukma ninggalkeun jasmani

Ngalayang ka awang-awang
Rek nepangan ka nu tebih
Nepungan ka urang gunung
Malati di pinggir pasir

Kakara pisan ligarna
Kapendakna tacan lami
Katuruban dangdaunan
Kaheumpi ka nagasari

Kembang diburu dirungrum
Sawengi henteu kawangi
Patapan henteu kalanglang
Raraosan mah sawarsih
Emh . . . aduh raraosan mah sawarsih

Hawar-hawar sora hayam
Ciri parantos janari
Nu nyumput teh humarurung
Teungteuingeun milik diri

Harianeun teuing kadar
Misahkeun anu keur asih
Kembang nganggo dihalangan
Ditundung ku indung peuting

Gunung geus aya di pungkur
Indit hate mah murilit
Duh . . . indit hate mah murilit

Miang ge da sumoreang
Parangtritis kapiati
Aduh Enung pileuleuyan
Wengi enjing tepang deui
Emh . . . aduh wengi enjing tepang deui
Lirik Lagu Sunda Enjing Tepang Deui Lirik Lagu Sunda Enjing Tepang Deui Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free