Lirik Lagu Sulaya - Darso

SULAYA - DARSO


Najan hate seseblakan
Ratug jantung tutunggulan
Heunteu puguh rarasaan
Nu geulis jalir jangjina

Heunteu kawas nembean teupang
Nyambut imut mapag cinta
Pasini asih mimiti
Munggaran ceunah rek bela

Nyusul imut nu kapungkur
Mapag cinta nu baheula
Tapi lebeng teu kapeundak
Teu aya tapak-tapakna

Nyusul imut nu kapungkur
Mapag cinta nu baheula
Tapi lebeng teu kapeundak
Teu aya tapak-tapakna

Mungguh hate hate sumeredet
Ngaheulas diri tunggara
Tapi henteu weleh sadar
Najan diri katempuhan
Lirik Lagu Sulaya - Darso Lirik Lagu Sulaya - Darso Reviewed by Raufabdr on June 22, 2018 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free