Lirik Lagu Randa Geulis - Darso

RANDA GEULIS - DARSO

Randa geulis mikiran rarabi deui
Ngan hanjakal manehna boga pamilih
Ka lalaki nu pinuh eusi saku na
Teu paduli sanajan hirup di dua

Hirup senang biarpun bari di candung
Mangsa bodo moal mikiran ka bingung
Asal cukup resiko keur meuli gedong
Ka salaki pamenta beut nyosok jero

Geus ka sorang sakur nu dipikahayang
Geus ka beuli kabeh harta ti salaki
Naon deui hirup geus sagala aya.
Terlaksanalah harapan nyi randa ngora

Lamunan hanyalah lamunan
Kekayaan hanyalah dalam bayangan
Anu geulis tungkul bari ngalamun
Jajaka jeung duda kalah ka ngajarauhan
Lirik Lagu Randa Geulis - Darso Lirik Lagu Randa Geulis - Darso Reviewed by Raufabdr on April 05, 2018 Rating: 5

1 comment:

  1. Hatur nuhun....abdi reusep pisan upami aya kawih-kawih sunda anu lirikna oge aya nu ngagarapna...supados raoseun ngahariringna...

    ReplyDelete

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free