Lirik Lagu Goreng Patut - Darso

GORENG PATUT - DARSO

Cipt. Uko H

Rupa kuring ceuk batur mah goreng patut
Kuring seuri da memangna enya pisan
Pedah eta eweuh anu barogoheun
Kuring henteu sedih malahan hate gumira

Sabalikna lamun rupa kuring kasep
Meureun riweh bakalna bagikeun cinta
Unggal poe awewe nyantai daratang
Marenta dikawin kajeun bari di candung ge

Resiko nu goreng patut
Paling-paling ditampi ku anu geulis
Tapi mun jadi nu kasep meureun riweuh
Mikiran modal keur kawin

Hei batur-batur
Kadieu geura karumpul
Khusus keur nu goreng patut
Nu kasep ulah miluan

Hei batur-batur
Kadieu geura karumpul
Khusus keur nu goreng patut
Nu kasep ulah miluan
Lirik Lagu Goreng Patut - Darso Lirik Lagu Goreng Patut - Darso Reviewed by Raufabdr on April 05, 2018 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free