Lirik Lagu Midang Bingah - Darso

MIDANG BINGAH - DARSO

Galindeng Tresna
Nu Kedal Taun Kamari
Kiwari Bukti
Meungkeut Geugeut Jatukrami

Asri Malati Nu Bodas
Ngaruntuy Endah
Ngiring Geura
Kanu Nuju Midang Bingah

Ilang Karempan
Datang Hareupan
Kembang Otel
Waktos Apel

Ngabuah Janten Panganten
Pileuleuyan Lalagasan Pileuleuyan
Dinten Ieu Anjeuna Rek Beber Layar

Cingcin Asih di Rema Kiwa
Minda Tempat Ka Katuhu
Dangding Asih Kawit Lelewa
Pada Jangji Rek Satuhu

Cingcin Asih Dina Jariji
Nyelap Malah Nambih Endah
Pasini Pareng Ngahiji
Omat Ulah Bade Pukah
Lirik Lagu Midang Bingah - Darso Lirik Lagu Midang Bingah - Darso Reviewed by Raufabdr on March 27, 2018 Rating: 5

3 comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free