Lirik Lagu Kariaan - Kustian

KARIAAN - KUSTIAN

Cipt. Endang Ogud

Malam minggu eta malam panjang
Loba pisan anu eukeur kariaan
Balandongan jeung hiberna
Sora kendang nu ngengklak keur diibingan

Rame pisan eta malam panjang
Haneut pisan ku nungadon nu daragang
Bajidoran jeung kliningan
Nu ngibingna geuningan silih gantian

Eta mang cucu
Goyangna goyang karawang
Eta mang wawan
Keur ngibing nuju hiburan

Sora enggakna eak-eakan
Nu nongtonna maroyeg hoyong ngiringan
Ninggal mang tatang kumijah pisan
Gutak gitek sunggal senggol goyang digoyang

Nu ngaribingna baretah pisan
Kusabab sinden geuning aya nyareungan
Ninggal mang kucay kupogot pisan
Kade ulah hoyong teras ngiring
Lirik Lagu Kariaan - Kustian Lirik Lagu Kariaan - Kustian Reviewed by Raufabdr on March 27, 2018 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free