Lirik Lagu Demi Kembang Cinta - Darso

DEMI KEMBANG CINTA - DARSO

Jauh jarak ka langit
Ngeplakna banyu lautan
Luhur sagede gunung
Dijug jug jeung di jung jung

Sangenge keur moncorong
Mentrangna panas bayeungyang
Sanajan hujan angin
Maju terus pantang mundur

Beurang ganti peuting
Peuting ganti beurang
Garing ka jamparing 
Kabentrang kasmaran
Jauh rek dijug jug 
Anggang rek diteang
Dua raga rela 
Rela ngabela rasa...
Demi si kembang cinta
Langit luhur asa kahontal 
Demi si kembang cinta
Luas lautan rek di ojayan 
Demi si kembang cinta
Gunung asa karangkul
Demi si kembang cinta
Beurang peuting ngahariring
Lirik Lagu Demi Kembang Cinta - Darso Lirik Lagu Demi Kembang Cinta - Darso Reviewed by Raufabdr on March 27, 2018 Rating: 5

1 comment:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free