Lirik Lagu Demi Anjeun - Darso

DEMI ANJEUN - DARSO

Demi anjeun diri kuring moal mungkir
Demi anjeun diri kuring moal moal jalir
Ulah rek hariwang
Ulah rek salempang
Hate kuring moal arek luncat mulang

Demi anjeung tekad kuring moal nilar
Demi anjeung hasrat kuring moal pudar
Moal arek runcah
Moal rek awuntah
Estu kuring ka anjeun rek mikanyaah

Geulis do'akeun akang
Akang seja ngalalana
Ngumbara ka tanah sabrang
Mugia pinanggih bagja

Wayahna geulis wayahna
Rek ditinggalkeun ku akang
Lain akang rek sulaya
Tapi demi cinta urang

Wayahna geulis wayahna
Wayahna sing tumarima
Ka gusti urang sumerah
Mugia aya barokah
Lirik Lagu Demi Anjeun - Darso Lirik Lagu Demi Anjeun - Darso Reviewed by Raufabdr on March 27, 2018 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free