Lirik Lagu Sunda Sariak Layung

SARIAK LAYUNG

Cipt. Mang Koko

Sariak layung di gunung
Iber pasini patepung layung
Teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung
Eh, ngawangwang nu dipigandrung Aduh

Harendong meupeuy harideung
Jalan satapak rarambu leuweung
Kumalangkang rongheap nu kapigandrung duh
Eh, rongheap nu kapigandrung duh

Surya surup layung hibar
Katanjakan sawangan dihuma
Geus ngolebat ieuh samar-samar
Hariring asihna kapireng ngaleler

Angin tiis ti mumunggang
Katitipan harewos kamelang
Tawis deudeuh ieuh nu maranti
Sungkeman kaheman
Saranggeuy malati

Lirik Lagu Sunda Sariak Layung Lirik Lagu Sunda Sariak Layung Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free