Lirik Lagu Sunda Reumis Beureum Dina Eurih

REUMIS BEUREUM DINA EURIH

Cipt. Mang Koko

Bray balebat pangharepan
Hayam raong kongkorongok
Ngadigdig ngungsi raratan
Neangan sugan jeung sugan
Kamana atuh panutan
Basa lembur kahuruan, duh kahuruan

Jol ka lamping suku gunung
Ditempo sugan di kedung
Didongdong sugan ka lisung
Ka sawah sugan ka saung
Panutan geuning bet suwung
Piraku rek niat pundung, rek niat pundung

Harita teh geus bray-brayan
Basa datang ka sampalan ieung
Kembang eurih paneneban
Barodas baseuh cimata

Harita the geus nyay-nyayan
Aya wirasat nu datang ieung
Reumis beureum dina eurih
Beureum baseuh ku getih

Gok amprok reujeung manehna
Keur sare bangun nu tibra
Imut mapag langit jingga
Kembang eurih saparatna

Aduh geuning bareureum rupana
Aduh, duh nu sare dewang dadana

Lirik Lagu Sunda Reumis Beureum Dina Eurih Lirik Lagu Sunda Reumis Beureum Dina Eurih Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free