Lirik Lagu Sunda Prihatin - Kustian

PRIHATIN - KUSTIAN

Cipt. Cucun Z

Duh kieu geuning rasana... aduh...
Nyorangan hirup di kota...
Lieuk deungeun lieuk angin
Prihatin nu kaalaman

Tapi abdi bade sabar
jeung terus nyoba usaha
Sok rajeun ngarasa capek lungse
Ari gawe di bangunan

Ti isuk nepi ka sore
Ngandelkeun buruh mingguan
Mun pareng nampa bayaran
Rek disimpen ditabungkeun

Rek ngahontal cita-cita
Sok sanajan ukur pagawe bangunan
Hirup moal nyusahkeun batur
Komo bari jeung aya di lembur batur

Abdi moal putus asa
Sok sanajan ukur pagawe bangunan
Geus Buleud tekadna diri
Soson-soson digawe satekah polah

Demi bekel hirup ngarah teu sangsara
Mugi-mugi kapanggih bekeleun jaga
Lirik Lagu Sunda Prihatin - Kustian Lirik Lagu Sunda Prihatin - Kustian Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free