Lirik Lagu Sunda Ngalamun

NGALAMUN

Cipt. Amir Hamid

Waktu peuting pareng caang bulan
Abdi anteng ngumbarkeun lamunan
Ngantosan nu lawas henteu mulang
Ka panutan nu di medan juang

Duh engkang panutan nu sajati
Naha engkang tos hilap ka abdi
Siang wengi abdi nganti-nganti
Na iraha pasini ngajadi

Teu kendat-kendat abdi mumuntang
Ka Pangeran anu murbeng alam
Supados kenging panangtayungan
Mugi engkang aya kaunggulan

Mun pareng urang patepang deui
Kumpul ngariung sakadang wargi
Kacida bungahna hate abdi
Muji syukur ka Ilahi Robbi
Lirik Lagu Sunda Ngalamun Lirik Lagu Sunda Ngalamun Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free