Lirik Lagu Sunda Hareupeun Kaca

HAREUPEUN KACA

Cipt. Mang Koko

Hareupeun kaca
Ngajanteng salila-lila
Roman alum gurat duka
Atra narémbongan

Hareupeun kaca
Sagala nu karandapan
Lalakon katukang-tukang
Nungtut narémbongan

Reueuk rumeuk dina eunteung
Semu keueung semu nineung
Jiwa awaking nyarita
Jiga nu nganaha-naha

Duh ieung geuning
Jiga nu nganaha-naha
Béjakeun deudeuh, bejakeun
Rumasa geus katalimbeng

Lirik Lagu Sunda Hareupeun Kaca Lirik Lagu Sunda Hareupeun Kaca Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free