Lirik Lagu Sunda Bulan Langlayangan Peuting

BULAN LANGLAYANGAN PEUTING

Cipt. Mang Koko

Bulan téh langlayangan peuting
Nu ditatar dipulut ku tali gaib
Entong salempang mun kuring miang
Ditatar ti tatar Sunda
Dipulut nya balik deui ka dieu
Ieuh, masing percaya

Bedil geus dipéloran
Granat geus disoréndang
Ieu kuring arék miang
Jeung pasukan Siliwangi
Ka Jogja hijrah taat paréntah

Bulan téh langlayangan tineung
Nu ngoleang dipulut ku angin gaib
Entong salempang mun kuring anggang
Kapirarai tanah Sunda
Kacipta mun balik enung mapagkeun
Ieuh, di dora lembur

Bedil geus dipéloran
Granat geus disoréndang
Ieu kuring arék miang
Jeung pasukan nusaati
Ka wétan muru bijil balebat

Lirik Lagu Sunda Bulan Langlayangan Peuting Lirik Lagu Sunda Bulan Langlayangan Peuting Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free