Lirik Lagu Sunda Bandung Mang Koko

BANDUNG

Cipt. Mang Koko

Bandung . . . Bandung . . . .
Bandung nelah kota kembang
Bandung . . . Bandung . . . .
Sasakala sangkuriang

Dilingkung gunung
Heurin ku tangtung
Puseur kota nu mulya parahyangan
Bandung . . . Bandung . . . .
Padamuru dijarugjugan

Bandung . . . Bandung . . . .
Tingrunggunuk nyanding gunung
Bandung . . . Bandung . . . .
Dipasieup cikapundung

Di Bandung mungpung
Jalma ti kampung
Ngadon reuhreuh di kota nyinglar kabingung
Bandung . . . Bandung . . . .
Pangbeberah nu nandang wuyung

Lirik Lagu Sunda Bandung Mang Koko Lirik Lagu Sunda Bandung Mang Koko Reviewed by Raufabdr on November 12, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.
ping fast  my blog, website, or RSS feed for Free